Abdi dilahirkuen di desa Walahir baretona mah mangrupakeun desa nu aya di kacamatan Sindangbarang.
Ku ayana pamekaran, desa ieu tuluy asup ka kacamatan Agrabinta. Kiwari
mah, desa ieu asupna ka kacamatan Leles. Walahir mangrupakeun desa
pangkolotna ti jaman jajahan Walanda. Di Desa Walahir geus aya SR (Sekolah rakyat) ti jaman Walanda keneh.
Walahir asalna tina kecap "Awal jeung Akhir " nu hartina ti baheula keneh Walahir geus rame, saperti ku ayana pasar tradisional, sakola, puskesmas, masjid, tur pangeusina padet.
Tapi Walahir
nu kapungkur katelah kamana-mana ayeuna ukur tinggal namina… kumargi di
tahun 1992 pami telepat Walahir ditimpa musibah bencana alam.. sagala
infrastuktur ( jalan,sakola-sakola,puskesmas jeung sajabana ) ruksak,
bumi-bumi anu megah rarubuh,,, masjid-mesjid anu agreng sadayana
runtuhh.. Walahir anu maju katinggali rata
kusabab hamper sadaya bangunan rubuh.. pamarentah ti tingkat kacamatan,
kabupaten dugi ka provinsi turun ngabantosan musabah bencana ieuu…
Dugi
ka akhirna sadaya na warga anu aya di kampung Walahir di relokasi ka
daerah Batukasur. Atuh walahir ayeuna ukur jadi seperti kampung paeh,
ukur bangunan-bangunan anu runtuh eweuh jelemaan..

Tidak ada komentar:
Posting Komentar